Ieu kaca geus divalidasi
159
Bunyamin ngawaloan,
kapengker mah abdi ogé gaduh dulur,
anu saindung// sabapa, 92
naging abdi masih leutik.
catiosna diteda macan,
Ratu Yusuf ngandika ka Bunyamin,
dulur maneh ku maung,
kumaha mun ayeuna,
hirup deui,
Bunyamin meureunan sukur,
atawa kuma petana,
Bunyamin ngawaloan ka Gusti.
Nu mawi abdi gamparan,
huleng jentul keu neda ogé tadi,
sabab ningal dulur-dulur,
dahar duaan-duaan pikir abdi,
lamun aya kakang Yusuf,
meureun aing ogé duaan,
raja nyaur melas asih.
Naon hartina nu matak,
dingaranan andika bunyamin,
Ki Bunyamin nyembah matur,
nya éta réh pun biang,
waktu abdi dijurukrun ibu pupus,
saur raja ngaran saha,
indung maneh téh Bunyamin.
Bunyamin nyembah unjukan,