Ieu kaca geus divalidasi
16
Barang sim kuring inget,
kana awak bet gumawang,
ku kuring awas di rérét,
mana gé nganggo solémpang,
awak putra nu hina,
duka ti mana jebulna cunduk,
dongkapna tanpa karana.Meulit dina dada kuring,
istuning wungkul cahaya,
gumilang ngempur cahyana téh,
impian anéh kacida,
nyaangan saalam dunya,
kakara saumur hirup,
ngimpi sakitu terangna,Sulak-siluk rumpal―rempil,
terang sakabéh daratan,
gunung luhur lebak jero,
kacaangan ku salempang,
kabéh warna binatang,
kukumpulan tinggarunduk,
lir ngadeuheusan sri ratu.
III. PUPUH SINOM (ed,)
Binatang pada saruka,
kukumpulan semu muji,
ka Gusti Allah ta ala,
ku sagala warni kawi,
ku simkuring sadayana kakuping,