carios katelah nyi mas Rail,
marikassa sang ratu,
manéh enggeus boga anak,
Ki Bunyamin matur gaduh anak tilu,
nu cikalna Yusuf ngarana,
nu hiji deui pun Diib.
Nu katilu nama rama,
ratu Yusuf nyaur naha Bunyamin,
diaranan Yusuf Bunyamin ngawalon,
tina sanget pun bapa inget ka Yusuf,
Yusuf lanceuk abdi téa,
ari anu ngran Diib.
Harti Diib éta macan,
réh cariosna enggeus mati,
kasebat diteda maung,
katilu nami dama,
basa Dama eta getih,
sabab Yakub geus ningalian komisna,
pun lanceuk// pinuh ku getih.93
Margi pun kacida,
pirhatina nalangsa welas asih,
katingal ku kakang Yusuf,
nangis teu eureun pisan,
Yusuf enggeus dalapan welas taun,
dongkap katingal pisan,
hateu keur balas nangis.
XXII. PUPUH DURMA (ed.)