Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/161

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
161
 
  1. Ratu Yusuf méh teu tahan sasahuran,
    ngadangu rai Bunyamin,
    nyarioskeun ramana,
    prihatin surem socana,
    répéh nyaur jeroning galih,
    duh kaniaya,
    dulur-dulur kabeh juling.

  2. Saenggeus kitu Yusuf sasahuran,
    ayeuna ki Bunyamin,
    lamun ayeuna hirup dulur andika,
    Yusuf nu geus pajase mati,
    andika suka,
    nyembah matur ki Bunyamin.

  3. Lamun aya nu geus paéh mulang ka dunya balik deui,
    mun nurut kahayang,
    éta leres kacida,
    abdi nu hayang panggih,
    sareng pun kakang,
    Yusuf mesém ngalahir.

  4. Hé Bunyamin dulur manéh Yusuf téa,
    ayeuna tacan mati,
    tatapi kaliwat nandang sangsara loba kacida-
    ku dulur manéh digitik di garebugan,
    disérééd-sérééd lir upih.

  5. Di gubruskeun kasumur tuluy dijual,
    ka saudagar urang Mesir,