tuluy ku saudagar Yusuf téh dijual,
ka patih Kitfirul Ajij,
mangga didinya,
Yusuf téh asup ka bui.
Meunang dua welas taun dipenjara,
ayeuna geus bijil deui,
samalah ayeuna Yusuf,
keur jadi raja,
maréntah di nagi Mesir,
sok jual béas,
huleg Radén Bunyamin.Palangsiang boa Yusuf gamparan,//
sang ratu Yusuf nangis, 94
duh aduh tobat enya ieu kang raka,
Yusuf téa putra Rahil,
silih rangkul Yusuf sareng Bunyamin.Sami nangis duanana di jero kamar,
rubil malah teu ningali,
Ratna Juléha ngoréjat,
naros ka raka,
karah éta gusti,
Yusuf ngandika nya ieu ki Bunyamin.Adi urang nu saindung sabapa,
nambaling Juléha ngiring nangis,
ngahelas ningali raka,
jeung rayi rarangkulan jeung Yusuf miwejang,
Bunyamin poma ulah kaciri.