Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/163

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
163
 
  1. Ku kang Rubil pacawan ulah katara,
    ulah hiri ulah miis,
    ulah jiga-jiga Bunyamin,
    ngahartosan,
    sigegu Yusuf jeung Bunyamin,
    kocap kang rama Yakub Ijroil.

  2. Hiji mangsa malak Ijroil jol datang,
    nepangan Yakub nabi,
    pok nabi mariksa panasaran,
    hé sobat malak Ijroil enya-enyana,
    ki Yusuf buah ati.

  3. Ku andika dimana dipundut nyawana,
    anak kaula malak Ijroil,
    malak ajroil sumpah,
    demi Allah nu mulya,
    putra tuan tacan mati,
    aya di dunya mo lami tepang deui.

  4. Tapi kaula nanya kumaha andika,
    réhing kénging balahi,
    sakitu gedéna,
    jeung sakitu lilana,
    éta sabab geus katingali,
    atawa tacan,
    Nabi Yakub ngalahir.

  5. Tacan ngarti duka kumaha sababana,
    saur malak Ajroil.