Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/168

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
168
 

    mukaan tanggungan,
    lamun enya dibawa,
    tangtu meureun kapanggih,
    Rubil haturan,
    sumangga kangjeng gusti.

  1. Geura buka nanging abdi jangji heula,
    lamun gantang kapanggih sumangga hukuman,
    upantan teu kapendak // urang Mesir ati-ati 97
    kula rék petak,
    tangtu Mesir ubrak-abrik.

  2. Ratu Mesir montong teuing nyingsieunan,
    kaula hamo gimir,
    éta gantang kaula,
    lamun nya di andika,
    meunang hukuman pasti,
    énggal dibuka,
    tanggungan anu Rubil.

  3. Dipapay kabéh dibuka,
    ku sorangan teu kapanggih,
    bareng na di bongkar Ni Bunyamin,
    ontana gultuk gantang,
    kapanggihh urang,
    Mesir émprak heluk Ki Rubil.

  4. Tungkul ngeluk campur jeung wirang,
    ngucur kesang mah ceurik,
    Rubil ngadeukeutan,
    sarang dulur-dulurna sambing ngomong ka Bunyamin,