binatang anu jauh-jauh,
pamujina sadayana,
tur bahasana téh kaharti, //9
sareng bumi aya ditangan kang putra,
Sadayana béntang – béntang coplak milepas,
coplak milepas ti langit,
teu lila gejlig deui,
béntang caroplok murubut,
rag-rag paburantak,
mancawura nganan kiri,
geus di handap ngumpulkeun sabatur – baturna.Nyalampeurkeun ka kang putra,
béntang kabéh sami tadim,
dibilang nya sabelas,
béntang nu geudé nu leutik,
béntang sabelas cicing,
di hareupeun kuring sujud,
ditingali sareng bulan,
jeung sarangéngé hormat tadim,
sami sujud sarangéngé hormat tadim,
sami sujud sarangéngé sareng bulan.Nabi Yakub mesem ka putri,
hé ujang mustika ati,
poma ulah cacarita,
impian ujang nu tadi,
ka samaun jeung ka Rubil,
ka sakabéh dulur - dulur,
tangtu tambah dengkina,