Ieu kaca geus divalidasi
170
XXV. PUPUH MAGATRU (ed.)
Pangandika hé Rubil Samaun,
ayeuna kapanggih bukti,
kumaha ari geus kitu,
dulur manéh ki Bunyamin,
ku kami arék // dibérok. 98Radén Rubil nyembah ngadéhem pok matur,
agung palamarta gusti,
sarewu bebendu sinuhun,
saketi rukeying galih,
sim kuring sangat ngadogong.Pun Bunyamin mugi ulah ditambalung,
sumawona lamun dibui,
abdi imut lamun kantun,
pun bapa sok teda teuing,
mopo nagugun pihartos. (sic!)Kersa tadi sangat kédanan ku Yusuf,
ayeuna katambah deui,
muga aya sihing ratu,
runtuling galih ariyil,
mugi manah ku sang katong.Tambah-tambah pun bapa ropoh-ripuh,
mungguh panuhun sim abdi,
mangga nyandak kangjeng ratu,
salah sahiji dulur abdi,
lebetkeun ka jero bérok.