Ieu kaca geus divalidasi
171
Panggentusna Bunyamin sanajan tilu,
sumangga candak ka Gusti,
ratu Yusuf mésem nyaur,
hanteu pernah kakami adil,
mun maleding sanak pawong.Turut éta geuning ti mana katimu,
nya éta mun bakal dibui,
Rubil ngageremet napsu,
peunteuna lir beuleum beusi,
panon lir saga molotot.Bulu-bulu bajuna wani baritu,
rogok bulu kawas rarik,
rambang urat malelendung,
késang ngorolok lir banjir,
gumentar waos kumercot.Ngucap ama sang Ratu,
kekeh menjara Bunyamin,
dalah nyebutkeun kaduhung,
tangtu Nagri Mesir,
kaula petak moal mindo.Sakali gé urang amburadul,
ku Yusuf anggeus kaharti,
putra nabi // Yakub, 99
lamun napsu enggeus bijil,
teu pisan beunang dicombo.