Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/173

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
173
 

    nyebut-nyebut ngaran Yakub,
    karana nabi Yang Widi,
    kakasih Yakub Yang Manon.

  1. Putra Ishak nabi Allah nabi punjul,
    Ishak ramana Ibrahim,
    kakasih Yang Maha Agung,
    holilullah rabbul alamin,
    raja hamo mangartos.

  2. Radén Rubil nu matok nyaura sakitu,
    payamna ratu Mesir,
    kapur cara nu kapungkur,
    Yusuf nyaur jero galih,
    kang Rubil kaliwat bodo.

  3. Kudu naon Rubil ngucapkeun sakitu,
    kocap angdeg ki Bunyamin,
    ka ratu // narosekeun Yusup,100
    hirup atawa geus mati,
    sigantang nambalang ngomong.

  4. Hirup kénéh dulur andika Ki Yusup,
    moal lila gé Bunyamin,
    tangtu papanggih jeung Yusup,
    Bunyamin poh matur deui,
    maka sakersa sang kantong.

  5. Moal baha najan abdi rék digantung,
    geus pépés napasna Rubil,
    pangandika Ratu Yusup,