Ieu kaca geus divalidasi
174
hé ayeuna mah Ki Rubil,
taya pédah loba omong.
Anggur geura geuwat bawa gandum,
jeung éta onta Bunyamin,
bawa balik ulah kantun,
Bunyamin tinggal di Mesir,
ku kula rék diparios.Pok haturan ka bapa andika Yakub,
lamun ki Bunyamin maling,
gancangan nu mangun catur,
budal Sarnanu jeung Rubil,
nangtali Lawé Ribalon.Mulang bingung di jalan teu dipicatur,
kocapkeun baé enggeus sumping,
hatur baé ka Nabi Yakub,
lamun katuding maling,
ujang gantangna sang kantong.Kabuktian barang na di jero sakeduk,
Bunyamin teu bisa mungkir,
pihatur kuring teu asup,
ka raja nagri Mesir,
keukeuh Bunyamin dibérok.Bareng nepi ngadangu ngagabrug ngaluuh,
Yaa Allah rabbul alamin,
Wallahu musta’anu,
nu nulungan tay deui,