Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/175

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
175
 

    ngan Gusti nu waspaos.

  1. Muga ganparan nu nabi Yakub,
    di paparin sabar jamil,
    nabi nyaurna sakitu,
    nyaluruh bari nanangis,
    micung manahna pirhatos.

XXVI. Pupuh Pucung

  1. Lami-lami gugah deui nabi Yakub,
    nyaur Ki Yahoda // hé Yahoda, ⁠⁠⁠101
    manéh nulis,
    kirimkeun ka Raja Mahrusah.

  2. Anu nulis nabi anu nyebut,
    sapanjang surat,
    ku Yahoda geus katulis,
    méh teu tahan nulis Yahoda rambisak.

  3. Saparantos nulisna ku nabi Yusuf,
    lajeng dicap pisan,
    ditingkem dialak di pusti-pusti,
    Nabi Yakub nimbalan kaputra-putra.

  4. Ki Rubil Yahoda Lawé Sarnaun,
    manéh kudu budal,
    ka Mesir baralik deui,
    ieu bawa surat Bunyamin sing beunang.

  5. Lamun raja pang nepikeun sing puguh,