kuma di darinya,
da manéh geus boga pikir,
ténjo ama sakeieu karuksakan.
Ari nguyang béas tarigu jeung gandum,
puguh untung pisan,
tapi kalang kabut ati,
masih-masih bingung ati samagaha.Hanteu lami putra-putra kabéh tuluy,
teu kocap di jalanna,
pisaur dongkapna baé,
jog ka Mesir caralik dina manpada.Nyondong raja keur linggih dibangku agung,
teu ninggal sinabaya (sic!),
ku para ponggawa dipati,
dua putra aya digedéngkeun raja.Nabi Yusuf keur mangsana jadi ratu,
ti Ratan Juléha,
kaagungan putra lalaki,
dua nami Apraim jeung Radén Masna.Radén Rubil geus katingali ku Yusuf,
énggal dipariksa,
éh Rubil geus datang deui,
kuma bejana bapa andika damang.Radén Rubil cedok nyembah pihatur,
pariksa gamparan,