Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/177

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
177
 

    pun bapa sangat prihatin,
    ngamahanan Bunyamin sareng rakana.

  1. Malih ieu pun bapa purwa ngajurung,
    ka abdi sadaya,
    ngintunan serat ka Gusti,
    saur raja mana surat siap bapa. //

  2. Disangakeun ku Rubil ka kangjeng ratu,
    ku raja dicandak dipusti-pusti,
    katingali serat ku raja teu samar.

XXVII. PUPUH ASMARANDANA (ed.)

  1. Lajeng ratu Mesir,
    muka serat ti jeng rama,
    geter manahna norokot raos lain ningal beurat,
    raos tepang jeung rama,
    serat dibuka dipunjung,
    bareng katingal unggelna.

  2. Méh teu tahan raja Mesir,
    mangket cisoca kaluar,
    eukeur diaos sapotong,
    karék ngaos mimitina,
    cisoca teu kauningan,
    gumalaratna ngurubut,
    rag-ragna tina socana.

  3. Sang ratu parantos éling,
    énggal nyandak salempayna,