Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/178

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
178
 

    dianggo nyusutan panon,
    api-api Yusuf maneh raja,
    ratu Yusuf ngajengkang ka pangkuleman,
    dug nyuhun,
    nangis bati lolongseran.

  1. Serat ditingali deui,
    henteu basa ngaos inya,
    kapengpek ku cisoca téh,
    maosna eureun-eureunan,
    sapoé campuh pisan,
    maosna serat ti isuk,
    mog kawaktu asar pisan.

  2. Kieu unggel éta tulis,
    ti Yakub Isroil Allah,
    nabi adiling Yang Manon,
    anak Ishak Badigullah (sic!),
    mugi konjuk ing rama,
    ing kersa ratu cinunjung,
    nu kagungan kamulyaan.

  3. Nu ngajum adiling aji,
    tur mashur karo ingrat,
    sanget lumabring Yang Manon,
    bijaksana tur budiman,
    rupawan tur setyawan,
    pinuja pinunjung punjung,
    kawasa purbawisesa.

  4. Garbahing Nagara Masir,