Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/179

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
179
 

    Mahrusah jembar adomah,
    nagri kerta gedé ramé,
    tur// nu nyampurnakeun gantang, 103
    nu ngrataan tangan,
    ngaduum sagenep dusun,
    nyiram pangan unggal désa.

  1. Sabahda serat simkuring,
    turunan nandang bahla,
    awit pun adi nu kolot,
    Ibrahim keur masih bujang,
    kena gedéning pitnah di duruk ku raja Nambrud,
    nanging walujeng teu panas.

  2. Ishak pun bapa simkuring,
    diringkus leungeun sampéan,
    diborogog kaya embé,
    rék sipeuncit ku ramana,
    tuluy Allah teu ala miwarang Jibril turun,
    mawa gibas ti sawarga.

  3. Ngahilian Ishak nabi pun bapa berkah waluya,
    hanteu kungsi disembeléh,
    mungguhinh kuring sorangan,
    gaduh sahijia anak,
    kameumeut di punjul-punjul,
    hiji mangsa ku lanceukana.

  4. Dibantun ngagiring kambing,
    geus peuting datang komisna,
    pinuh ku getih lambokot,