Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
18
 

    kapan baréto geus dengki,
    mangsa ujang ngimpi anu katukang téa.

  1. Sétan téh ka manusa,
    satru kabuyutan leuwih,
    waktu Yusup cacarita,
    horéng ibu kawalon ngintip,
    teu katangen ku nabi,
    Nyi Hiya maju ka payun,
    kagét nabi ningalan,
    rai sumping mésem manis,
    sasauran ngimpi naon anu urang.

  2. Nabi Yakub ngandika,
    ulah sakaomong nyai,
    haturan Nyi radén Hiya,
    kuring ogé moal teuing,
    célémbéng biwir kuring,
    miomong anu teu puguh- puguh,
    tapi hayang uninga,
    naon alamatna ngimpi,
    radén Yusup pok deui nyambung maturan.

  3. Leres naon alamatna,
    éta-éta impian // sim kuring,⁠⁠⁠10
    nabi yakub lajeng ngandika,
    Ujang tabir éta ngimpi,
    tangtu Gusti Yang Widi,
    nyelir kaasih ka Agus,
    nyampurnakeun nimatna,
    tawih sing ngimpi,