Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/180

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
180
 

    pagahkeun diteda macan,
    kuring ilang élingan,
    ras anak nu ku maung,
    datang ka merem nya mata.

  1. Lolong datang kakiwari,
    sabab ceurik panon pécak,
    wuri mendak carios,
    ti Rubil kénéh Yahoda,
    dulur Yusup sabiang,
    dituding maling u ratu,
    ayeuna gé dipenjara.

  2. Ku gamparan téh di Mesir,
    margi kacuntelan (sic!) barang,
    katurug-turug katuduh baé,
    padahal abdi gamparan,
    taya pisan turunan,
    kana salingkuh jalimud,
    somawon maling ngarumpak.

  3. Lamun // mésen deui,
    geus palér tina nangisna,
    lajeng namatkeun cariosna,
    nyaur hé Bunyamin ujang,
    geura kieu tuluyna,
    kisah manéh Yusup,
    geus kitu tuluy dibuang.

  4. Digubruskeun ku Ki Rubil,
    kana sumur jero pisan,