Ieu kaca geus divalidasi
182
di Mesir raja kadua,
didinya di hadé-hadé,
dipiputra dipimulya,
ku Kitfir Aziz téa,
garwana naghuru biru,
ka Yusup nagogodaan.
Harita Nyi Radén Rahil,
padaraya didinya,
linggih jeung raka ngagéndéng,
bengong kuping carita,
lajengkeun nu carita,
meunag pitnah gedé Yusup,
datang ka dibérok pisan.Ku pitnah garwa Kitfir,
sabab teu bisa ngagoda,
ka Yusup Awéwé mabok,
mésem leleb Juléha.
disaurkeun ku raka,
suka manah ku ra // lajeng Yusup,
tuluy deui cacarita.Pareng Yusup keur dibui,
ngalendra wali royan,
kagungan sahiji impian,
impian nu hanteu jamak,
raja susah manahna,
nya ditabirkeun ku Yusup,
harita meunang kaluar.