Ieu kaca geus divalidasi
183
Geus kaluar Yusup sidik,
dijenengkeun juru serat tukang ngurus gandum paré,
meunang satahun lawasna,
tuluy diangkat raja,
di nagri Mesir ngaratu,
ngambah wenang saenyana.Yusup jadi ratu mesir,
pangjogjogan sadayana,
ayeuna gé masih kénéh,
di Mesir anyar ngaraja,
Yusup tacan hilang,
Rubil Yahoda,
Samaun tinglalieuk jeung baturna.Rék ngaku teu acan wani,
sieun Yusup lain éta,
tapi caritana jéntré,
pok deui Yusup ngandika,
hé Bunyamin ujang,
dulur manéh téh disebut,
ku Rubil geus maling barang.Mangga Bunyamin kabukti,
éta aya pangmalingna,
Yusup eukeur budak kénéh,
asup katempat berhala,
patékong eta nu mana,
emas dipaling ku Yusup,
di pékprék tuluy dibuang.