Ieu kaca geus divalidasi
184
Dipiceun ku Yusup sidik,
berhala nu tengn jalan,
Yahoda hanteu talangké,
ngadéhém nyembah unjukan,
palangsiang gamparan,
Yusup téh lamun kitu,
carita manis tur terang.
- XXVIII. PUPUH DANGDANGGULA (ed.)
Mésem manis ratu Mesir,
sashuran hé Yahoda,
nya ieu kuring Yusup // téh, 106
engkang sakabéh dulur,
berkah wilujeng kuring,
diraksa ku pangéran,
bisa deui tepung,
jeung dulur masih araya,
wawalesna anu sabar hanteu nyungkelit,
di dunya gé éta kontan.Sumawona di ahérat pasti,
dipasihan wawales sabar,
ganjaran nu leuwih ahéng,
Ki Yahoda beluk nyuuh,
bari ngucap sumpah,
ta Allohi satemenna pangéran,
geus nyelir ka Yusup,
ngahina keun ka dulurna,
geus rumaos kakang dosa bukti,
lalaksa kalelepatan.