Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/185

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
185
 
  1. Dicacag dipeuncit nya disisik,
    nya ayeuna teu langkung kersa,
    pun kakang rumaos awon,
    patut dihikum gantung,
    hanteu pernah mun dipuputi,
    pantes bendu rai ka engkang,
    yaktos kakang palsu,
    sang ratu Yusup nagndika,
    ha kumaha pangéran welas asih,
    ngampura ka nu dosa.

  2. Balikanana laumun diri kuring,
    hanteu mendak prihatin kasusah,
    meureunan katotoloyoh,
    sarta langkung diungung,
    dipiasih ku rama nabi,
    ngabayahkeun ka engkang,
    lamun hanteu pajauh,
    margina dipisah ku engkang,
    palasiang kadalon-dalon simkuring,
    amungan ahadulillah.

  3. Hanteu heureut saenggeus diri kang rayi,
    hanteu salah nya panarima,
    yaktos berkahing sadérék,
    ayeuna kakang kudu,
    geuwat mulang salah sahiji,
    nguningakeun kang rama,
    geus tepung jeung Yusup,
    jeung candak ieu komisna engkang,