putra-putra kapungkur,
éta perkawis putra pun adi,
Yusuf diaran-aran,
yén diteda ku maung,
yaktosna ayeuna aya,
nya éta nu ngarajaan di Mesir,
ratu Murbawisesa.
Anu ngakak nangkep Bunyamin,
dulur kabeh pada neda dihampura,
tur sami diandeg kabeh,
purwaning abdi rusuh,
badé ngadeuheus ngabantu komisi,
di timbalan ku putra,
badé aya pinujuk,
sinareh ayeuna aya anu ngarajaan,
nya éta dinagri Mesir,
tur nu murbawisesa.Kedah mios jeung rama ka Mesir,
sareung ibu supaya enggal,
kang rama yasa pasondong,
karanten putra ratu,
moal sempet medal ti Mesir,
mun ayeuna-ayeuna nuju udur,
Nabi Yakub ngadangu habar,
manah kalenger suka galih,
enggal cong solat.Dua rakaat salat sukur nabi,
bada salat pék deui mariksa,