Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/189

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
189
 

    ama nu jadi hawatos,
    ka adi manéh Yusuf,
    taya deui jaga agama,
    naon Yahod agama,
    Dén Yahod matur,
    dumuhun agama islam,
    Nabi Yakub jungkel sujud sukur,
    deui nabi enggal dangan.

  1. Saparabotna sadaya hanteu kari,
    abdi-abdi sareng rahayat,
    lalaki sareng awéwé,
    sakabéh gé dibantu,
    kerib peti kersa nabi,
    énggalna bral angkat,
    nabi sajalan-jalan ngabrul,
    sadaya pada suka,
    sareng tumpak kana kuda onta sapi,
    sawaréh anu badarat.

  2. Éta jumlah awéwé sareng lalaki,
    anu ngiring ka nabi rék pindah,
    kajaba budak jeung orok,
    nya éta tujuh puluh,
    punjul dua gunggunna jalma,
    sigeug nabi nu angkat,
    kocap ratu Yusuf,
    timbalan kumendang askar,
    nyadiakeun opat ratus upesir-upesir,
    nu nyandang pedang kamkam.