Ieu kaca geus divalidasi
19
engké ogé meureun ku Ujang karasa.
Tapi ujang poma - poma,
kitu deui lian nyai,
ulah pisan dék nyarita,
ka anak urang sahiji,
ka Ki Rubil Nyai,
Nyi mas Hiya mésem nyaur,
Pinaoneun gawéna,
Comél sakaomong kuring,
Heunteu layak nguwarkeun éta rasiah.Enya ogé Nyi Mas Hiya,
nyaur moal ngomong kuring,
dina manah ngunak - ngunak,
ngageret panas tiris,
napsu jeroning galih,
mun kongang mah hayang nubruk,
ngawejétkeun Den Yusup téa,
mangnyerikeun Samaun Rubil,
Nyi mas putra keuheul ngantosan putrana.Nu ngangona teu geura datang,
ngadeg Nyi hiya di pipir,
ngadagoan Rubil,
datang kira wanci asar ahir,
putra-putra sarumping,
ngagiring embé ngaguruh,
dipegat ku Nyi Hiya,
bari kumapang hayang nangis,
garo singsat pokna manéh ngeunah - ngeunah.