Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/190

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
190
 
  1. Sarta kabéh kudu tumbak kuda persi
    opat rewu serdadu gagah,
    kumendang sarsan jeung jayéng,
    timbalan kangjeng ratu,
    hé patih nyembah unjukan kami,
    rék mapag ama,
    Nabiyulloh Yakub,
    Dén patih nyembah unjukan,
    dawuh gusti sadaya askar sayagi,
    sumangga karsa raja.

  2. Radén patih cedok nyembah pamit,
    los katangsi ngaggo kamistian,
    top setar polét sérét,
    miwarang nakol tambur,
    upsir-upsir kornél badé ngiring gusti,
    kumendang liknan (sic!) jeung sarsan,
    sadaya kumpul,
    sadia saparabotna,
    réh ngadéngé sura tambur sejak jurit,
    mantri Askar sadaya.

  3. Menir Jéndral kumendang ngumendir, (sic!)
    hé sakabéh sadaya balad,
    isuk raja badé mios,
    mapag jeng rama jeung rama (sic!) Yakub,
    sabab kitu kabéh upsir,
    ayeuna ditimbalan upsir opat ratus,
    nu badé ngiring sarta mawa askar,
    opat // réwu deui, ⁠110
    bataliun sunapan.