Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/191

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
191
 
  1. Sing sadia parabot mimis,
    ulah kosong sapinuh patrom pas,
    bekelna ulah campolé,
    saba ti dinya jauh,
    ka Kanaan tanah Ibrani,
    dalapan puluh parsah,
    tuus nu ngdangu,
    upsir bubar sadaya,
    hanteu kocap ampahna askar ti peuting,
    kocap enggeus isukna.

  2. Pukul genep sordadu antri,
    jedur mariem ngabudalkeun askar,
    nu tiheula tambur meter,
    baris dialun-alun jeung kasukan tambur jeung musik,
    gedang gong beri,
    pantes ngantos kangjeng ratu,
    kocap Yusup sri Nata,
    nganggo-nganggo makuta kancana rukmi,
    cahyana matak jeblag.


XXIX. PUPUH BALAKBAK (ed.)

  1. Ki Rubil Samaun Jablon jeung Lawé,
    sadayana ku raja gentos pakéan nu saé,
    maharaja geus naggo makuta rukman diobéng.

  2. Anu nganggo parantos medal ka latar ti géndéng,
    ratu Yusup geus diungkulan pajeng gilap berkonéng,
    jedur mariemna ngabudalkeun balad-balad jeung jayéng.