Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/192

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
192
 
  1. Kuda onta pasuliwer tutunggangan jeung kaldé,
    ribut rempeg sora gamelan tarompét,
    umbul-umbul melengkung jeung bandéra ngélébét.

  2. Kangjeng raja angkat nitiahan kuda diobéng,

    diiringkeun ku sadaya raka-raka sadérék,
    parabopati ngiringkeun wadyabala karasép.

  3. Kangjeng raja angkatna énggal-énggal karényéng,
    Wadya balad gumusu susurakan Mas Kornél,
    tina sabab geus palay tepang jeung rama palay béh,
    sajalan-jalan warna-wamma kasukaan ku // ramé.

    ⁠111
  4. Dar dur bedil mariem na jeung sunapan reup poék,
    matak waas sadayana pararja méncéréng,
    diiringkeun ku serdadu balad-balad jeung gemren,
    Raden Rubil tumenggu di lubur kuda jeung Lawé.

  5. Ngamanahan lampah katukang nyérését,
    reup geuneuk pias éra sorangan pék weléh,
    hé kang rai nyata pun kakang perdosa ku gedé.

  6. Kakang ulah nyanpeurkeun baé sumebér,
    montong teuing dimanahan éta téh,
    kuring hayang geura tepang jeung ama asa béh.

  7. Ratu angkat kaluar kuta sakabéh,
    nadera katingal ti kajauhan ngélébét,
    bisa temen upsir natakeun balad jeung kaptén.