Teu pacorok serdadu ajidan sarsan néyékték,
kangjeng raja tunggang kuda sopal bodas méncéngés,
kangaggona hurung mancur mubyar-mubyar karonéng.Matak sérab sadayana nu ningalan karécéng,
kasorotan ku cahya kangjeng raja lat poék,
ayeuna bujeng énggalna caritaan karényéng.Kangjeng raja geus dongkap ka tegal lega nu gedé,
tunda heula sang ratu yusup jeung raka sadérék kocap rama Nabi Yakub anu angkat
geus dék béh,
teu karaos angkat palay dijalan rama téh.Ku bawaning tina sono ka putrana palay béh,
hanteu pégat tina manahna lawasna cumantél,
pantes putra kacinta masih nonoman lir golék.
XXX. PUPUH SINOM (ed.)
Eta dina tegal lega,
gegek nabi // Yakub nguping, 112
gumuruh sora nu surak,
jeung sora bedil jeung tanji,
manah kangjeng Yakub nabi,
palagsiang ratu musuh,
ngandika ka Yahoda,
hé Yahoda déngékeun bedil,
palangsiang éta musuh kapir datang.Yahoda énggal unjukan,
un dawuhan éta nabi,