Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/194

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
194
 

    leres abdi nguping pisan,
    didieu ibu nabi,
    jeung rayat-rayat nabi,
    ngarereg heula sadawuh,
    abdi rék lumpat sorangan,
    ti heula badé di tilik,
    bilih yaktos musuh kapir nu datang.

  1. Gancangna Dén Yahoda datang,
    nabi lirén di nu suni,
    geus deukeut Dén Yahoda awas,
    ka ratu Yusup di Mesir,
    énggalna téh mulih deui,
    Yahoda matur ka Yakub,
    raja putra gamparan,
    rai Yusup ratu Mesir,
    kinten mapag diiring ku panghurmatan.

  2. Sumangga kang rama angkat,
    nabi Yakub jengkar deui,
    muntang ka tak-tak Yahoda,
    prok tepung jeung ratu Mesir,
    ku Yusup katingali,
    bareng areng lungsur,
    sarta rék awéh salam,
    turun malaikat Jibril,
    sambil nyaur Yusup ulah awéh salam.

  3. Hak atas Yakub nu salam,
    timbalan rabbul alamin,
    hak atas Yusup ngajawab,