Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/195

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
195
 

    geus deukeut Sang Yakub nabi,
    ngangkat panagan Nabi,
    jeung méré salam ka Yusup,
    ratu ngajawab salam,
    Yusup lungsur tina persi kuda,
    silih rontok rama putra rarangkulan.

  1. Nangis putra sareng rama,
    Yusup matur welas asih,
    hé gusti // salira jeng rama,113
    nangis kélangan sim abdi,
    naha kacida teuing,
    datang ka soca ka tutup,
    teu pisan éling rama,
    jaga gé mo burung panggih,
    di kiamat hawa luput sasarengan.

  2. Yakub nyaur bener pisan,
    anu dipaké ngerik ati,
    sieun Agus masih aya,
    di dunya énggal agami,
    tangtu moal papanggih,
    di ahérat lamun kitu,
    kocap sakabéh putra ngabujeng ka Yakub nabi,
    jungkel sujud ka payuneun nabya.

  3. Yakub sujud jeung Dén Liya,
    kasaksi ku prabopati,
    ibu sujud dareng rama,
    sumawona sadérék sami,
    gumeter tulang sandi,