Yusup ningali nu sujud,
pok matur ka ramana,
hé jeng rama ibu kuring,
inya ieu na wilan impian téa.
Sanggeus jedur mariemna jeung sunapan lila-lila bedil,
tegalan indit-inditan ku sora mariem bedil,
budal ka nagri Mesir,
kang rama angkat ti payun,
nitih tandu jolian,
diaping ku apsir-apsir,
sukan-sukan di jalan tanpa wilangan.Dongkap kana pamondokan,
meunang ngarereb sapeuting,
pukul genep deui budal,
kitu saban-saban poé nitir,
di jalan lila teuing,
kocapkeun baé geus cunduk,
lajeng ka padaleman,
bengong lama Yakub nabi,
ningali kamuktén kaagung putra.Kabéh gedung di asupan,
nu diluar nu dipuri,
nabi asup hiji tempat,
pinuh kertas nyusun tindih, //
ku nabi katingali, 114
nabi mésem nyaur hé Agus putra ama,
kertas téh loba teuing,
sabataé mun ujang turutna ama.