Ieu kaca geus divalidasi
197
Béjana mun ujang aya,
ngaraton di negri Mesir,
Ratu Yusup matur nyembah,
éta gé nyerat sim kuring,
sedaya geus ditulis,
éta kertas anu Yusup,
sarta badé ka rama,
mangga ayeuna tingali,
sabab imut sim kuring,
ngadamel serat.Menggah dina sapoéna,
mun imut sapuluh kali,
ngadamel sapuluh serat,
saupanten geus ditulis,
sumping malaikat Jibril,
turun ti langit ping pitu di timbalan ku Allah,
ngalarang ka jisim kuring,
ngahalangan ulah rék ngintun serat.Nabi Yakub pok nyarita mariksa,
hanteu naros ka Jabroil,
naba kunaon sababna,
mana ulah ngirim tulis,
pihaturna Yusup nabi,
jisim kuring lepat luput,
teu naroskeun sababna ti dinya sang Yakub nabi,
tuluy naros ka malak Jibril sababna.angsulan Jabroil Malak,