Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/198

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
198
 

    kula gé kitu deui,
    hanteu naros ka pangéran,
    kéheula ayeuna kuring,
    rék naros ka Yang Widi,
    timbalan gusti yang agung,
    purwa ulah nyuratan,
    tina sabab Yakub nabi,
    tina mang-mang pok na sieun ku macan.

  1. Negadéngé Rubil Yahoda ngagulkeun gagah berani,
    kandel atina percaya,
    di dunya poho ka Kami,
    kitu nu mantak kami,
    nyarék nyuratan ka ratu Yusup,
    Yakub sieun ku macan,
    teu sieun ku siksa kami,
    réh sakitu ayeuna Yakub ngarasa.

  2. Yakub ngandel ka nu gagah,
    dulur Yusup Samaun // Rubil, 115
    hanteu tawekal ka Allah,
    tungtuna pada ngagitik,
    sang nabi Yakub nangis,
    lajeng solat jungkel tobat, nushuhullah,
    rumaos dosa pribadi,
    tangtu nabi Yakub tobat.

  3. Lami-lami tinarima,

    ku gusti gopurururrohih,
    kocap dina mangsa,
    nabi Yakub sami linggih,