Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/199

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
199
 

    jeung ratu Yusup nabi,
    kabéh sadérék ti payun,
    jajar nu ngdeuheusan,
    Rubil nyembah matur tadim,
    hé kang rama sim abdi enggeus nekanan,

  1. Kagamparan kalakuan nu tacan kapilampah,
    kanu séjén ka nu lian,
    di dunya mo aya deui,
    abdi pondok aya deui sang Nabi Yakub ngadawuh,
    ku naon maranéhna,
    ngaromong kitu ka kami,
    Rubil matur mapan abdi geus doraka.

  2. Ka Yusup sareng ka rama,
    ku rama jeung rai-rai,
    ka abdi geus nghampura,
    Yakub Yusup welas asih,
    ngampura pisan ka kami Rubil,
    nangis barina matur,
    rai sareng jeng rama,
    sami ngampura jeung ka abdi,
    nanging éta sadayana hanteu berguna.

  3. Upanten Allah Taala,
    hanteu ngampura ka abdi,
    sanget panunun kang putra,
    rama rai muga-muga duakeun ka Yang Widi,
    manawi-manawi dikobul,
    mun dua rai rama,
    teu ngobul kumaha kuring,