Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
20
 
  1. Nyatu nginum héés tibra,

    ulin suka — suka sering,
    heunteu gebleg pipikiran,
    nambalang radén Rubil,
    hé ibu panutan kuring,
    na kunaon ibu kitu,
    saurna Radén Hiya,
    si Yusup geus ngimpi deui,
    ngimpi béntang sawelas sinareng bulan.


  2. Jeung sarangéngé ku manahna,
    sujud nyembah hormat tadim,
    labu ku manéh pikiran,
    éta matak ngeunah ulin,
    coba ku manéh pikir,
    ku Radén Rubil ngadangu, // 11
    sasauran ibuna,
    kuping rahasna disebut,
    kekerotan waosna peunteun tamaga.

  3. Soca beureum kaya macan,
    kumeter sakulit —kulit,
    bari nyaur ka raina panon,
    poé éta yakti,
    kang rama Yakub,
    bulan tegesna nya ibu,
    béntang sawelas terang,
    hartina si anak Rubil,
    nyaritakeun manéhna juragan urang,