Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/200

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
200
 

    naha baé timbalan perkawis nu sungkal.

  1. Bisa ngalipurkeun dosa,
    ku abdi sabudi-budi,
    meureun dilampahkeun pisan,
    gancangna nganu (sic!) dua nabi,
    solat neneda nabi,
    maca dua nabi Yakub,
    Yusup nu ngaminan,
    geus sapuluh taun leuwih, //116
    nembé milik Jibril,
    lungsur ngabantun timbalan.

  2. Ti Gusti Allah taala,
    geus narima dua nabi,
    ngahampura ka Rubil,
    jeung ka Yahosa Samaun,
    jeung sakabéh sadérékna,
    ti dinya sarujud deui,
    nabi Yakub jeung Yusup sujud ka Allah.

  3. Sukur réh geus ditarima,
    kabéh sadérék geus dengki,
    geus dihampura ku Allah,
    tah kitu mungguhing nabi,
    nu hasud nu dengki,
    ku anjeun sok ditulung,
    nyuhunkeun panghampura,
    batan males anggur asih,
    sarta welas hawatir nyaah karunya.