Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/202

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
202
 

    senang ngeunah mamanahan,
    hanteu inggis hanteu pusing,
    tetep nya sugih mukti, //
    carita Yusup sakitu,⁠117
    di dieu nu diserat,
    tina arabna nun kaalih,
    réa kaol nu dilarang teu dibawa.

  1. Lampah diaos arabna,
    ditanding bapana rapih,
    éta dimeureunkeun pisan,
    sabab ku kuring dipilih,
    di cokot hiji-hiji nu lempeng cariosna mujur,
    jeung kuring gé geus wakca,
    yén kuring teu pati bisa arab,
    wantu kuring urang Sunda.

  2. Geus tamat wallahu alam,
    moal bener kana dangding,
    nulis téh bawaning hayang,
    resep caritana tapsir,
    peuperih teu bisa ngaji,
    maca ieu ulah embung,
    jeung sugan meunag luang,
    anu sobar anu sedih,
    ku urang téh mudu dipikir enya.

  3. Anu boga tulis kaula,
    teges urang Nangka Pahit,
    lain asak Buniyaga,
    turunan ti nini aki,