Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
22
 

    aya nyiar // akal aya julig,⁠⁠⁠12
    sejana ngarah pati,
    rék maéhan Radén Yusup,
    kabéh eunggeus mupakat,
    Radén Yusup dék paténi,
    Kacarita radén Yahod ngandika,

  1. Eta maéhan manusa,
    dasarna deukeut ka musrik,
    panggedé- gedéna dosa,
    nyentak ngajawab Radén Rubil,
    manusa taya burih,
    Ki yahod téh nurus tunjung,
    bayang ngajadi kundal,
    mumul modaran Bin Rabil,
    dosa téa gampang ditobatan.

  2. Geus tobat gé dosa ilang,
    mo luput jadi salihin,
    matur deui Dén Yahoda,
    leresna engkang kairing,
    nanging sanget manawi,
    rempag jeung dulur-dulur,
    nya mun tong dipaéhan,
    atawa ku pedang keris,
    anggur mangga urang gebruskeun baé ku urang.

  3. Kana sumur pang jerona,
    ahirna mo luput mati,
    moal enya bisa hanjat,
    ngandika deui Radén Rubil,