Ieu kaca geus divalidasi
23
omong Yahod geus kapikir,
ku kakang bener nya kitu,
tah kumaha akalna,
digeusaneun urang maling,
bisa leumpang mawa Yusup kana tegal.
Radén Yahod matur gancang,
akalna pék urang ulin,
pada mawa tutumbuhan,
di handapeun anak Rubil,
masing rané sareng rapih,
masing katénjo ku Yusup,
kabitaeun manéhna tangtu,
tangtu méga milu ulin,
Rubil nyaur éta adi leres pisan.Sabab terang mo kadinya,
lamun naragal ka nabi,
ngamitkeun Yusup cilaka, //13
sareng moal enya idin,
gancang gancang maparin,
dibawa ku urang Yusup,
mun manéh sorangan,
amitan mo enya rugi,
tangtu nurut kahayang si durhaka.Enggalna anu manggung carita,
Yahod samaun Dén Rubil,
Lawiri Balon Bagusdan,
Naptali Yasjar Arubin,
diburuan paselemprung,