Ieu kaca geus divalidasi
24
warna kaulinan,
diatur ditata baris,
ngabibita Radén Yusup sangkan beunang.
papanahan tumbakan,
sawaréh aya anu gatrik,
mutuh ulin ramé pisan,
susurakan tingjarerit,
matak mujarkakeun,
réa budak séjén mikir,
arulin susurakan,
kaulinan warni jinis,
papanahan dialokan ku barudak.Radén Yusup téh ningal,
manahna mingkin birahi,
pok haturan ka rakana,
damel naon engkang Rubil,
kuring resep ningali,
kakara uninga saumur,
Radén Rubil ngandika,
éh rajeun mah kurang manis,
sabab heurin gera lamun ditegalmah.Manahna kidang jeung uncal,
uwung- uwung kasuat,
ku urang diudag -udag,
geus beunang tuluy di peuncit,
urang handapeun kai,
eureun capé manggang lauk,
dahar sawenang-wenang,