Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
25
 

    Radén Yusup matur deui,
    Kuring hayang ngiring engkang sakalimah.

  1. Radén Rubil pok ngandika,
    Kakang teu kaduga teuing,
    mawa si Ujang ka tegal,
    sieun di seuseul ku nabi,
    ujang kakasih pinunjul,
    séjén jeung ka akang,
    parandéné hadé teuing,
    mun haturan ku ujang ka kanjeung rama.

IV. PUPUH PANGKUR

  1. Radén Yusup ngandika,
    Ngiring // pisan kumaha kersa engkang rabil,⁠⁠⁠14
    sok mun sareng nabi isuk,
    ngiring engkang ka tegal,
    hayang terang sukana manéh buburu,
    Yusup kumejot manahna,
    bayang gera jig baé ngiring.

  2. Kawas lain samanéa,
    Encep maké panggéndam Radén Rubil,
    Tungtuna (sic!) takdir Yang Agung,
    kocap putra sadaya,
    ngadeuheusan kapayuneun nabi Yakub,
    jajar bérés putra sila,
    tumunggul tur bormat tadim,

  3. Ku nabi Yakub ditingal,