tata putra ngadeuheusan bérés baris,
kawas anu aya maksud,
kang rama pok mariksa,
aya naon kawas anu aya pardu,
Radén Rubil matur nyembah,
Sumuhun pariksa nabi.
Abdi awon teu uninga,
rék kang putra Ki Yusup nya éta
pun adi,
keukeuh pisan hayang milu,
ka leuweung ameng -amengan papanahan,
manah mencek uncal manuk,
teu meunang di halang -balang,
kuring datang terus pikir.Welas kanu hayang pisan,
wantos budak hayang ulin
mun ku kuring teu digugu,
éta téh nya kumaha,
kabéh – kabéh sim kuring darma piunjuk,
ngiringan kersa kang rama,
haliring nabi ngalahir.Hé Rubil kuma petana,
mun maranéh mawa leumpang Yusup kakasih,
aya pernah panuju,
jeung Ki Yusup buah manah,
sieun teuing maranéh ulin katungkul,
cul Yusup katukang – tukang,
wantu masih budak leutik,