Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/3

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
3
 

1 // BISMILLAHIRROHMANIRROHIM

I. PUPUH DANGDANGGULA (ed.)

  1. Bismillahirrohmanirrohiim,
    asma Allah dianggo kawitan,
    sakerung dangdan pamujén,
    puji puja pinunjul,
    tur basmalah éta pinilih,
    pamurwa kautamaan,
    sampurna ning laku,
    supaya tambah berkatna,
    barang lakuna nya ku bismillah,
    sampurna ka utamaan.

  2. Tina awit asalna sim kuring,
    ulik kitab nanging basa arab,
    loba- loba anu teu hartos,
    nabi kitab disebut,
    nya éta toraisu majalis,
    eusina warna-warna,
    carita para rasul,
    bareng diilo kapendak,
    nya hiji carita nu leuwih manis,
    kuring datang pikiran.

  3. Hayang pareng sim kuring téh nganggit,
    ina basa Arab kana Sunda,
    supaya sami ngahartos,
    jeung hayang maké kagu, (sic!)
    sugan jadi tambah birahi,