Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
30
 

    panas bilih ngangluh nabi,

  1. Nabi Yakub lajeng ngandika,
    ama pesen manéh masing ati,
    éta anak ama Yusup,
    sing hadé ngajagana,
    mun halabhab geuwat — geuwat béré nginum,
    mun lapar béréan dahar,
    wah léngoh man¢h Rubil.

  2. bisi papanggih jeung bégal,
    kajeun embé bikeun ku manéh Rubil,
    bisi papanggih jeung maung,
    Yusup jaga di tengah,
    Radén Rubil ngawangsul semu nu nyungkun,
    gamparan ka Yusup putra,
    ka abdi pon kitu deui.

  3. Cumah saeutik séjéna,
    ari Yusup putrana anu dipikaasih,
    kameumeut di punjul —punjul,
    ari kuring sadayana,
    atu dulur ka putra gamparan Yusup,
    wajib pernah miara,
    Yakub nyaur melas-melis.

  4. Hé Ki Yusup anak ama,
    sing percaya agus ka akang Rubil,
    Radén Yusup nyembah matur,
    kuring ngandel kacida,
    ka kang raka Rubil Yahod jeung Samaun,