Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
31
 

    lamun tepung sareng bégal,
    jeung maung kuring teu gimir,
     

  1. Yusup dirangkul ku ama,
    diciuman digalékan méh nangis,
    putra sakabéh geus tuluy,
    nabi Yakub di jalan,
    ngajajanteng ngadeg di tengah lulurung,
    ningalikeun putra di angkat,
    sok ingkeun carios nabi.

  2. Kocapkeun lampah putrana,
    keur satadi ku rama ditingali,
    Rubil jeung Radén Samaun,
    jiga anu nyaraah pisan,
    kadé Yusup barengan,
    geus rada jauh top roti // Yusup ditongtok, ⁠ ⁠ 18
    dicabut ku Radén Rubil.

  3. Rahadén Yusup nangkuban,
    diawurkeun roti beak ku anjing,
    bekelna diawur-awur,
    botol cai di buang,
    Radén Yusup lampah la Radén Samaun,
    kersa hayang ditulungan,
    ku Samaun ditampiling.

  4. Sang Lawé datang narajang
    jeung Ribalon Yusjan dan jad uang tali,
    ngarubung pek dihurup,
    radén Yusup di tegalan,