Ieu kaca geus divalidasi
32
dicidukkan di cabok sareng di tumbuk,
nabi Yusup nyaur wales,
na ku naon dosa kuring.
Sambatna heunteu di tanggap,
Radén Yusup dikerepuk digaritik,
mun budak urang mah bubuk,
kawas tipung tulangan,
cek mujahil Yusup umur genap taun,
basa keur digebugan,
Dén Yusup kocéak ceurik.Sasambatna kakang tobat,
bisi paéh kuring nyuhunkeun cai,
nyentak Radén Samaun,
Yusup montong sasambat,
hé rasakeun ieu inuman panggebug,
Radén Yusup gegeroan,
duh rama nabi Isroil.Lamun gamparan uninga,
ningal putra diperekpek digitik,
tulung awak kuring bubuk,
rama mun enya tahan,
Dén Yahod ngahalangan Dén samaun,
meunggeus tong digebugan,
kumambang mo luput mati.
- PUPUH MASKUMAMBANG ( ed.)
- Sasambatna Radén Yusup mundut cai.