Ieu kaca geus divalidasi
33
sim kuring halabhab,
bisi tuluy path kuring,
duh tikoo liwat panas.
hantem ba Radén digebuigan nangis,
jerit kocéak,// 19
lumpat moro Radén Rubil,
bari nangis pok engkang.Neda tulung kuring,
hayang teuing cai teu tahan,
halabbab tuluy urang kuring peurih,
tikoro tuhureun panas.Geus teu tahan ku panggebug ku panggitik,
duh tobat Allah taala,
mo luput sim kuring mati,
nanging hayang nginum heula.Teu digugu sasambatna ku Radén Rubil,
anggur nyabut pedang,
bari nyaur pedang aing,
ieu gera inum ku sia.Barang Yusup di sabet ku Rabil,
Pedangna méh jedak,
Radén Yusup nyikikik,
Gumujeng ningali rakana.Randeg Rubil ngandika nangis,
hé Yusup cilaka,