Ieu kaca geus divalidasi
34
naha sia mana seuri,
ku aing arék dipedang.
Ari tadi manéh di gebug ceurik,
aing leuwih héran,
sia nyeungseurikeun aing,
atawa nyeungseurikeun pedang.Radén Yusup matur bari seuri kuring,
lain pisan —pisan nyeungseurikeun kang Rubil,
kuring téh seuri sorangan,Nyeungseurikeun naha mana salah kuring,
sangkan panghareupna,
teu dipikir kuring wani,
teu sieun macan bégal.Sabab kuring ngandelkeun Samaun nangtali,
jeung sakabéh kakang,
réh digjaya pinilih,
kuring réa anu ngajaga.Mana horéng anu bakal maténi,
nu jadi andelan,
ngahuleng rakana dén Rubil,
Ki Yahoda sasauran.Naha kakang pedang diasupkeun deui,
tadi ogé kumaha,//
nya omongan tuang rai.
Poma ulah dipahala.